Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kitu

Sabtu, 9 Maret 2013

"RAROKO..permén..tisu..roko..roko..rokooooo.....!"

KITU jeung kitu nanawarkeunana téh. Ti mangsa taun-taun nu kaliwat, ti gerbong ka gerbong, ti stasiun ka stasiun. Sésélékét dina padedetna karéta ekonomi, karéta nu lolobana ditumpangan ku jelma-jelma nu heureut léngkah jeung hirup samodél dirina.

Lain teu hayang ingkah, komo hanjat naék darajat, najan salawasna ngarasa bungangang, najan kahayang mah kacida lamparna, sakitu gé rada mireueus ka diri sorangan, teu nyarandé ka batur, teu ka RT, ka Lurah komo ka Persiden. Jajauheun kana nyusahkeun nagara mah.

Ngeureuyeuh mapayan hirupna, sapanjang rél karéta, sapanjang harepanana nu teu anggeus-anggeus, nanawarkeun daganganana, "Raroko..permén..tisu..roko..roko..rokooooo....."

Kitu jeung kitu.* Is Tuning-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya