Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Candung Tilu

Sabtu, 9 Maret 2013

Cénel dipundah-pindah. Cahayana reup bray nyapuan beungeut Aldo nu keur mencrongkeun tipi. Di jerona aya Ahmad Dhani keur konsér. Nyirep rébuan pasang panon nu lalajo, rasana kumalayang ngacacang kababawa tembang-tembangna. Béhdituna tepi ka bisa narik pangacian Aldo, nembus asup kana jero tipi. Jangélék Aldo jadi biduan; sirah dugul, janggotna diuntun. Midangkeun lagu “Madu Tiga”. Nincak palebah reff: “Istri tua merajuk// Balik ke rumah istri muda// Kalau dua dua merajuk// Ana kawin tiga.”  Ujug-ujug gorowok, gajleng tilu urang awéwé, luncat ka panggung. “Teu sudi aing dicandung….”.Ngarewég, nyakar, nyabok, najong, néjéh, dialung boyong, dibantingkeun kanu lalajo, nu keur euyah-euyahan, surak, suit leungeun raranggah rék nyanggap. Brug Aldo nyungkruk hareupeun tipi. Sanggeus pangaciannana baralik ngumpul deui, rungah-ringeuh, gap kana rémot mundah-mindahkeun cénel tipi deui.* Gaus Firdaus-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya