Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nyi Mas Arum

Sabtu, 9 Maret 2013

NGAGEDUR amarah rosa. Nyi Mas Arum ngulangkeun pedangna. Diheumbatkeun, disabetkeun ka sakur tangkal nu kaliwatan. Tangkal cau puguh ngan sasimpreng. Tangkal kiambon, kihapit ogé caringin teu bisa majar kumaha. Sieettt..gubrag rarubuh. Leuweung sanget ngan sapoé walatra bulistir, dibabad ku rongkahna amarah éta putri. Laju ngareureuhkeun kacapé, inyana calik nangunyar lamar. Nyarangkan amparan pasawahan jeung tegalan di lebakna. Curucud cisoca maseuhan damisna. Aya galindeng dina manahna. "Kakang, di mana atuh salira téh. Abdi janten awéwé gangas bongan Kakang teu masihan katenangan ka jisim abdi. Abdi hanaang kakang," segruk Nyimas Arum ceurik balilihan, nyambat-nyambat sang panutan nu ilang.
Sabot kitu, buta héjo bosongot ngarawél Nyi Mas. Dipangpéngkeun kana jarian nepika kokoséhan. “Sia awéwé teu boga ajén inajén. Nu ukur bisa ngaberung napsu ngumbar amarah. ….hahaha,” buta nyacampah bari seuri ngagakgak.
“Nya naon atuh kalepatan abdi?” Nyi Mas leuleuy naker.
“Hayang nyaho, tah…,” ceuk buta nembongkeun gambar Nyi Mas keur nuang kurupuk jeung bonteng.* Ki Denkur-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya