Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Cileuncang

Minggu, 10 Maret 2013

TACAN lekasan. Hujan masih nyésakeun cileuncang na panyawéran. Barudak alécrét, méngbal bubuligiran bangun suka bungah bebelokan. Ngumbar kagumbiraan mangsa nu nérélék ninggalkeun panineungan.

Panonna anteb nyawang kaéndahan anu kiwari geus leungit tina sawangan manéhna. Aya haréwos dititipkeun dina hiliwir angin, béja kanalangsa mangrupa rusiah nu ditulis dina sacewir keretas. Ramo-ramona ngeleter, nilepan keretas kalayan paroman bingbang dicaangan ku kingkilaban anu ngan sakolébatan. Ahirna mah ngawujud paparahuan, dieusian sesekna tulisan bangbaluh haté nu patétéép dina lambaran hirupna nu kakara ligar nyanding harepan, nu kiwari karasa geus pamohalan.

“Bral....parahu, pangbéjakeun kasedih Titin ka Gusti! Naha geuningan kanyaah téh ngan ukur rarangkén lambey. Titin teu walakaya, digunasika jalma nu cenah dipibapa....hampura, Ema! Titin teu wasa kanggo wakca. ” Sakeclak cimata awor jeung cihujan nu murubuy maseuhan lemah nu ngewag nungguan pikeun ngubur dirina.

Parahu keretas ngoléab, ngangkleung lalaunan ngaraas cikolombéran anu katingalina lecek jeung butek pisan.* Zulaikha Sobana-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya