Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sasakala Batu Kur'an

Minggu, 10 Maret 2013

KOBONG di Balé Gedé Gunungsari beuki kebel beuki ramé. Nu mondokna ti mamana daratang.

Tetempatanna mah biasa baé. Dialajarna ogé biasa baé ja. Nu béda éta, dina ngalatih napasna. Si santri dianggap hatam kiro'at, lamun geus bisa teuleum bari ngurilingan hiji batu sagedé munding, nu ngadungkuk dina dasar balong, Tujuh kuriling jasa.

Teu kabéh santri haratam, teu sagawayah bisa ngalakukeunna. Jaba ti eungap, cai éta balong nu aya pas héndépeun tangkal kai sagedé alaihim, kacida tiisna nyecep, parat kana sungsum tulang. Karék tilu kuriling géh, laju baé hayang ngaburial, engapan mumbul ka ruhul.

Kusabab éta batu minangka pikeun ukuran kuat henteuna napas pikeun éndahna maca Kur'an, laju kunu daratang ka dinya, éta batu dingaranan Batu Kur'an.

"Beuh... Ja dungkuk batu na mah, teu ngaharib-harib kadoang Kur'an jing?!" ceuk Tébé, kana Mamihna, basa pakansi ka Batu Kur'an.* Rohendi Pandeglang-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya