Nyi Mandah
DADA ngaguruh. Panas nyongkab asa rék bitu. Ambek nyedek, tanaga midek. Haseup mimiti ngelun. Nyerebung tina embun-embunan. Bijil tina liang ceuli. Gejlig, indit kaluar imah. Sugan hawa leuwih tiis. Tapi matapoé kalah ka beuki
ngahéab. Molototan. Ngahuru. Gur seuneu tina sungut. Beretek lumpat ka kulonkeun. Muru pasir. Meuntas angin. Beuki jauh, tambah anggang. Rénghap ranjug. Napas lir rék paragat. Témbong jalan nu liuh ti kajauhan. Lumpat narikan. Turun mapay jalan satapak. Bras, walungan. Caina ngagenclang hérang. Nyebrot ti luhur. Peupeus kana batu. Mancawura. Seuneu pareum, haseup ngiles. Haté dumadak tingtrim. "Whoaaaaaaaaaaa.....!!!" Uing ngagorowok tarik. Taariiik pisan. Bangbaluh rapluk ragragan. Palid kabawa cai. Rieg, bumi inggeung. Tatangkalan aroyag. Gebeg. Tingkurumuy. Tingpucunghul. Ngaliud patinggorowok. "Raja kami nu anyaaarrr..." Ngariung uing.* Dewi Ratna Damayanti-kisuta.com


