Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Goong

Senin, 11 Maret 2013

PARENG usumna, hajat rongkah. Agem. Manggung, dipanggungkeun. Digayor. Ngagagayor sorangan. Ditabeuh, angot ngageleger. Teu ditabeuh, nabeuh sorangan. Patarik-tarik. “Ki, sada aya goong, sorana meni handaruan kieu yeuh! Boa aya hiburan, urang nongton yu!” ceuk baladna, bari dangdak-déngdék ngadéngékeun datangna sora. “Ah, narajis teuing, bosen, kuriak matak racleng tai ceuli, ngadéngékeun goong cowong kitu patut mah!” témbalna bari jebi. Sora goong disada deui ngadeukeutan, tingjelegur. Ngurilingan lembur. Ki Tayar jeung baladna, tingpeureudeuy. Lalumpatan néangan lamak butut, keur nutupan ceuli. Sangeus hajat lekasan, goong téh pareupeus. Nyayeud jadi rongsokan. Sorana mah masih nongtoréng. Naranceb kana ceuli. Teu daékeun leungit. Ti mangsa ka mangsa.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya