Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Wadul Wa...
Senin, 11 Maret 2013
“KURING boga salapan mobil anyar.” “Wadul”
“Kuring boga dalapan motor anyar.” “Wadul”
“Kuring boga tujuh imah anyar.” “Wadul”
“Kuring boga hiji kabogoh anyar.” “Wa…”
Karék gé trét nulis “wa,” sirah kaburu didegungkeun ku pamajikan. Tayohna ngintip, naon-naon nu ku kuring keur ditulis, bari pok, “Tah….mun éta mah lain wadul, tapi nyaan, nyata.” “Wadul Bu, ieu mah ngan ukur tulisan fiksimini, sumpah!” Jikan muncereng, “Hah, teu urusan jeun fiksimini, sok saha éta, urang mana? Tuman diontrog!” “Eh… sok kamana waé ari taeun téh, ieu mah carita rékaan, dongéng wadul... wadul Bu! Mun Ibu teu percaya sok wé taroskeun ka presidenna fikmin.” Tos aya presidenna?* Gaus Firdaus-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


