Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Bobos

Senin, 11 Maret 2013

PASOSORE. Ngariung di patengahan. Salaki, mitoha, dahuan, adi beuteung, jeung kulawarga séjénna. Balakécrakan. Bari sempal guyon. Sangu beureum jeung rupa-rupa deungeunna. Karesep kuring hungkul. Bagja. Atuh da tara unggal poé. Taun kali gé biheung, bisa ngariung kawas kieu téh. Si Kakang. Nu keur meujeuhna célémbéng. Pada nanggap. Capétang. Dina lahunan. Raresepeun. Kusial! Beuteung ujug-ujug ngusial. Bati dahar karédok lada jigana. Satékah polah ditahan. Dibangbrangkeun ku ngilu nanggap si Kakang. Angger kukusialan. Teu genah cicing. Késang tiis. Nguuukkkkk...! Teu kakémot. Rey! Beungeut asa beureum. Nyaan, éra nu taya papadana. "Alah, Kakang bobos. Heuheuheu..." Ceuk si Kakang bari nungkup irung. Manéhna cengkat bari ngagibeg-gibeg bujurna. Ger! Saréréa saleuseurian. Kagugu ku polah si Kakang. Bray! Bumi alam caang deui. "Ari Kakang ..." Teu kebat. Kaburu nyelek ku kareueus.* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya