Meuntas Sadar (Pantun Geter 2)
KUMALICES. Obor awi enyay-enyanan. Kacapi buhun. Mirig haleuang Ki Juru Pantun. Nu miarsa teu sapira. Kurang salawe urangna. Trungtreng! Trungtreng! sora kacapi galuntreng. Ngong haleuang Ki Juru Pantun.
“Kakocapkeun, Sang Geter ngajepat teu sadar. Raga meneng ngajampana. Nyaliara sukma manjing asor sadar. Geter tacan walakaya. Lir Sumilir. Korèjat Sang Geter sadar. Pinanggih cipta rasa karsa.”
Trungtreng..! Trungtreng..! Sora kacapi galuntreng. Pamiarsa daria anteng. “Banglus lampahipun Geter nètè hambalan rumasa. Di tutugan luhur sadar, ngancikna Iman Islam Ihsan. Laju munggah puncak sadar genahna Munara Cahya. Pancerna khowas. Bray! waskita.” Trungtreng..! Truntreng..! Sora kacapi galuntreng. Pamiarsa tingharuleng. Sora lalauanan ngiles. Obor pes! Jep! Jempling. Diteureuy poèkna peuting.* Helmi Pakudjati-kisuta.com


