Dewi
“HURIP Sunda, hurip Sunda, hurip Sunda!”, gorowok Déwi sanggeus manéhna maca fikmin hareupeun gedong wakil rahayat. Ditéma ku sakabéh nu aya, “hurip, hurip, hurip!” Laju ka tempat parkir. Sup kana beus.
Déwi ngalungsar dina korsi. Ditiupan ku angin tina AC. Pipikiranana ngacacang. Nyawang nasib Ki Sunda ka hareupna. Enya, kapan manéhna téh keur milu bajoang sangkan basa Sunda tetep aya dina kurikulum sakola. Awahing ku capé, reup wéh peureum. Teu ieuh kaganggu ku Néng Réni jeung Nyi Endit nu silih gonjak suka seuri. Nyeungseurikeun Mang Nana nu ngabojég gumasép. Hiek.. aya angin nu ngahiek ngaliwat kana irung Déwi. Koréjat manéhna hudang bari jojorowokan, “Turunkan Méndikbud, turunkan Méndikbud…!” kituna téh bari nyusutan dahdir nu ngalémbéréh tina juru biwirna. “Anjrit, Mang Darman ngabekok uing euy!”* Ruhak Pajajaran-kisuta.com


