Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dogér Monyét Monyét Dogér

Selasa, 12 Maret 2013

Rék monyét indungna, bapana atawa anakna. Rék bikang, jalu atawa banci, mun aya. Rék gedé, meujeuhna atawa leutik. Rék hideung, bodas atawa konéng, sakalian. Loba nu dieurad beuheungna. Dikalungan ranté, digugusur. Dipaksa sina ngoloan duit kencring ka sakur bebenyit nu naringalikeun.

Kaayeunakeun méh prah, dogér monyét ngamén, mangkal di unggal parapatan. Reup lampu héjo, bray beureum, waktuna monyét ngadogér, némbongkeung sarupaning kamonés; ti mimiti ka pasar, ngeunteung, nanggung suluh, jujungkiran tepi ka naék motor. Samalah loba ogé nu diwarah sina becus mulung duit sawéran.

Gigireun sédan méntéréng, monyét nyangéréng. Kaca panto mobil dipéléngékeun. Lung sagepok duit saratus rébuan dialungkeun. Dasar monyét asak warah, duit buruburu dirawu. Orokaya kapiheulaan dirontok ku malimna. Duanana silihpelong molotot, baruringas,  rarunyah-rényoh, nyalalengir rarangéténg sihungna. Der galungan rongkah; silihgégél, silihcakar, silihrewég, pabetot-betot parebut podol.* Gaus Firdaus-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya