Kompas (Pantun Geter 3)
DI pos ronda. Dicaangan lampu mérkuri. Diriung para fikminer. Ki Juru Pantun ngajentréngkeun kacapi. Trungtreng! Trungtreng! Geter kacapi galuntreng! “Kakocapkeun. Lelampahipun Sang Geter. Geter pikir, resepna pakarang élmu.Manjing.
Ti luar ka jero. Diasah batu logika. Seukeut. Meulah rusiah fakta. Geter rasa, resep mutiara seni. Medal. Ti jero ka luar. Dipasieup éstétika. Éndah. Nyaliara indra sukma. Geter karep, resep nyoo téknologi. Pulang anting, Luar jero. Diwengku pager étika. Sarwaguna malar sugema.” Reg! ngarandeg. Ki Juru Pantun surupuuuut ngaregot heula cikopi. Nikmaaat! Trungtreng! Trungtreng! Geter kacapi galuntreng! “Deudeuh teuing duh anaking! Ulah sageter-geterna. Ulah sageter-geterna. Pikir élmu jeung logika. Bisa kasasar lumampah, geura tungtun kompas aqidah. Rasa seni éstétika. Linglung kasarung lumaku, geura iteukan teteken syariah. Karep téknologi étika. Matak samar kana polah, geura caangan obor hakikah.” Trungtreng! Trungtreng! Trungtreng! Geter kacapi galuntreng!* Helmi Pakudjati-kisuta.com


