Koruptor Jeung Bangsat
KULON pindah ka wétan, kidul pahili jeung kalér. Omongan bener disalahkeun, nu ngabohong dibenerkeun. Ruksak. Ujang ngadadak jadi nyai, si akang ngajanggélék jadi tétéh. Pulisi jaradi bangsat, nu ngagarong dianggap pahlawan.
Tumbila pada ngarukut, dibudidayakeun. Otak pindah kana tuur. Rungsing ka balaréa.
Juragan hakim nyalukan dua sakitan ka rohangan sidang, awéwé ngora jeung lalaki kuleuheu. "Empat tahun setengah hukuman kamu karena korupsi 4,5 milyar," ceuk hakim ka nu awéwé. Unggeuk terus ceurik kanyenyerian. Nu lalaki narik napas. "Gusti Nu Maha Agung, tulungan abdi!" manéhna ngadu'a bébéakan.
Beuki lila rohangan sidang karasa nyongkab. "Anda dihukum lima tahun karena mencuri sepasang sandal!" ceuk hakim bari melong nu lalaki. Nu aya di rohangan sidang kabéh kagét. Gedong eundeur ku nu protés. Satpam jeung pulisi riweuh ngahalangan nu darémo. Angin ngadadak nyéot ka jero gedong, ngarawél hakim dibawa ka jomantara. Teu lila kadéngé kocéak dengékna hakim nu keur kumalayang di awang-awang.* Irman Dimyatie-kisuta.com


