Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kasatimbangan (Pantun Geter 4)

Kamis, 14 Maret 2013

UJUNG KULON, 2345M. Laboratorium Puseur Panalungtikan Rékayasa Genetika. Nu dikokolakeun ku Inohong panalungtik Prof.Dr.Jaro Arkanudin,M.Sc.Ph.D. Spésialisasi Sintésa Kultur Jaringan DNA Rékombian Psycho. Nu dijadikeun obyek rékayasa nyaéta Sang Geter. Tujuana ngamodifikasi pribadi Sang Geter supaya saimbang antara fungsi méntal jeung spiritualna . Tilu tabung réaktor siap dioperasikeun. Cetrék ! Bray! tabung réaktor muka. Tabung kahiji. Input. Burusut cipta-rasa-karsa dikoleh hormon Filsafat-Ilmu-Seni. Tabung kadua. Prosés. Borolo dieusi Pikiran-Rasa-Naluri. Dicampuran Enzim Logika-Estétika-Etika. Tabung katilu. Output. Burusut! Bubuk katalis ilmu Kalam-Fiqih-Tasawuf. Cetrék! Bluk! Tilu tabung nutup. Bip! Tombol On dipencét. Weeer! muter . Sa-anu taun kaliwatan. Tabung kaopat  Outcome. Dibuka. Janggélék Mu'minin-Muslimin-Muhsinin. Brus tiluana dikeueum likuid adiktif Aqidah-Syariah-Hakikah. Sakitu tahun kaliwatan. Barasat! Kaluar Mutaqin-Abidin-Muhibin. Rap! Diraksukan adibusana Ahlakulkarimah. Pray! Ngempray Al-Insanulkamil.* Helmi Pakudjati-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya