Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Balati

Kamis, 14 Maret 2013

NANGTUNG salilila. Anteb neuteup rohangan. Beungeut nu lana maturan. Tihang jaruji. Katut mangpirang itungan ngagedat dina témbok. Saksi kalakay umurna nu terus muguran. “Rék ka mana lunta?” gerentesna. Sérélék sél muka. Sipir. Ngabedega. Gap kana gémbolan. Laju ngarangkul baturna saurang-saurang. Bangun lalanjung. Léngkahna. Ngaliwatan koridor lapas. Teu kalis ngalieukan ka tukang. Dijajap panggupay. Jeung aweuhan paturay. Tujuh likur taun. Lain lalakon sakedapan pikeun nilemkeun raratan. Harepan sirna dina tamperan kateudayaan. Luhur ranjang. Balatina. Kungsi nelasan hiji lalaki. Satru kabuyutan. Tapi di dieu. Najan salawasna ngayuga siksa. Lawas ditambalung rasa rumasa. Bet manggih katingtriman. “Kalangkang anjeun geus dipaténi tina ingetan, Karja!” gerentesna deui. Ukur rerembes panon nu wasa kedal. Léngkahna. Kalah rumégag. Tapi teu burung parat nyorang gerbang. Sapanjang jalan. Ngarénghapan rahuh lalampahan. Lebah péngkolan. Rég jeep eureun. Aya nu turun nyampeurkeun. Kusiwel. “Inget kénéh kana ieu balati jeung budak handapeun ranjang?” Awakna. Ngeleper. “Aing kalangkang Si Karja nu tacan dipaténi!”* Ari Andriansyah-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya