Nu Dagang
TENGAH poé éréng-éréngan, terminal meumeujeuhna harénghéng. Sora klakson jeung ngagerungna ratusan angkot nu lar sup ka jero terminal pagaliwota jeung liudna léngkah jelma, dibarung sora calo jeung tukang dagang nu paciweuh nanawarkeun daganganana.
Tina jero beus jurusan luar kota, katempo aya jelma diséséréd, dipaksa kaluar tina jero beus ku sababaraha urang. Sakabéh nu nempo, hiji gé euweuh nu nulungan. Ukur dituturkeun ku pelong jeung gogodeg.
Nu diséréd ceuceuleuweungan, ngalawan. Regeyeng, dibawa ka pos pulisi. "Lain copét ! Tukang dagang éta mah," ceuk salah saurang calo.
Nu tinglalieuk unggeuk bari teu ngarti, tuluy tinglalélos deui.
Di pos pulisi, nu diséréd dititah diuk. Beungeutna bangkenu.
"Aya naon ieu téh ?" Pulisi nanya ka jelma nu tiluan.
"Ieu atuh, jelma téh maksa pisan dagang dina jero beus, Pa! Ngaganggu ka panumpang," salah saurang némbal.
"Na dagang naon bet dianggap ngaganggu?" Pulisi merong ka tukang dagang.
"Icalan tarajé pa.." pokna némbal bari tungkul.* Is Tuning-kisuta.com


