Qodho jeung Qodar (Pantun Geter 5)
WANCI janari gedé. Ping salikur romadon. Di hiji masigit sisi Wétan Ankara. Karungu sora Tarhiman. Galindengna halimpu sumarambah kasaweur ku angin peuting . Mapay lempengan Eurasia. Kajiret angin lisung. Muih! Nyurup aseupan.
Biwirna ngarandakah ngajaul ka alak paul. Ngondang tatit tingjelegur. Laju ngagayuh sapanjang Paparan Sunda. Nembag Rakata. Byar! Sinebaran. Sang Geter nu harita keur mujasmedi di penclut gunung. Dumadak. Ngageblag. Blak! pejah jadi dua. Kapangpéngkeun! Byur! Ka jero laut. Selat Sunda ngadadak motah. Ngagalura! Geter nu sabeulah nyerep Oksigén. Janggélék jadi Mukhoyar. Nu hiji deui nyerep Hidrogén . Ngagibeg jadi Musyayar. Teu lila. Lamat-lamat. Ngong! Haréwos kalam nafsi “Mukhoyar, pancen andika ikhtiar. Bébas. Miboga karep. Kawengku ku Qodho. Sedengkeun andika Musyayar, pancen andika istiqomah. Kaiket. Teu miboga karep. Kawengku ku Qodar. Jung! Geura sungsi takdir arandika.” Ti jero laut. Dua beubeulahan geter ngagibleg! Ngajadi hiji. Jorélat! Geter ngabelesat ka wétankeun, mapag balébat ngemban amanat.* Helmi Pakudjati-kisuta.com


