Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Niat Jeung Ikhlas (Pantun Geter 6)

Sabtu, 16 Maret 2013

TRUNGTRENG! Trungtreng! Geter kacapi galuntreng!

Kocapkeun! Sang Geter karep ngeunteung. Bréh! Kalangkang kahayang.

Tina rumeuk beuki atra, janggélék jadi TUJUAN.

Geulis lir Citraresmi, gandang lir Kamajaya.

Peureum kajeueung. Beunta karasa.

Angen kumejot hayang mibanda.

Gap! Kana almenak, péta jeung rangsel.

Eusi rangsel dipariksa. Goréhél! Man, Money, Machine, Methode jeung Time. Komplit. Kuwel dibeungkeut jadi RENCANA.

Léos ka garasi. Cur! Téngki dieusi prémium KEYENG.

Kusiwel kana pésak. STNI. Surat Tanda Niat Ibadah. Nyampak. SIM.Surat Ikhlas Milampah. Sayaga.

Bismillah...!

Gerung! Motor IKHTIAR mangprung ngudag kalangkang kahayang.* Helmi Pakudjati-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya