Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sasakala Kebon Manusa

Sabtu, 16 Maret 2013

“CAI canémbrang hérang, kari waasna”. Soang dumareuda. ”Di leuweung gé, langka tatangkalan héjo lembok téh”. Gajah némpas. Ujug-ujug Kumbang euntreup dina gadingna. "Emang jeung Ibi, kunaon saredih?” Kumbang pepereket, gading digubag-gabig. ”Alo lain kaituh euntreup kana kekembangan?” Gajah mairan. ”Mang, nyeuseup kekembangan ayeuna mah, angseuna rada béda, asa matak murel”. Gajah, Soang ngadon silih pelong. ”Uing kadieu téh rék nanyakeun ieu racikan. Cénah mah bisa ngagedékeun awak sasatoan nepika ratusan kali lipet?”. Gerewek dicokot ku Gajah, gelekgek diinum. ”Geus tong loba mikir, cuang cobaan. Déwék bosen ukur jadi lalajoaneun manusa, ayeuna waktuna urang saréréa balitungan jeung maranéhna”. Enya wé, pedegdeg Gajah sagedé konténer. Soang nurutan nginum, kumbang jeung kabéh sasatoan narurutan, ngagedéan. Sireum sagedé treuk, reungit sagedé kapal udara. Imah manusa ruksak. Parahu di laut titeuleum disintreukan lauk. Kapal udara ragrag ditiup ku manuk gedé. Kebon Binatang jadi Kebon Manusa.* Irawan Babeh Lova-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya