Sastra & Humor
Sajak
Harepan
Sabtu, 16 Maret 2013
Impénan sareng salira, lir kaéndahan nu sampurna
Katrésna nu ngabebela na unggal rénghap ambekan,lir gulidagna cikahuripan.
Salira, andegléng na mumunggang rasa,
Teu kendat ngaharéwoskeun ungkara cinta.
Duh, layung nu hurung,
Mugia lana ngempurna, ngarah cacap implengan jadi nyata
Sok sanajan didodoho sandékala.

Tiktik Rusyani-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


