Jati Diri (Pantun Geter 7)
TRUNGTRENG! Trungtreng! Geter kacapi galuntreng!
Kocapkeun! Sang Geter dimutilasi. Améh nyaho saha diri. Mimiti jasad dipurak. Blak! Eeusina organ. Organ dicacag diwalang-walang.
Haar.. jadi jaringan. Dipékprék nganti deplé goréhél jadi sél. Laju diparud masing lembut pucunghul rupa molekul. Srog! Digodog halon-halon borojol katon Atom. Atom boga anak tilu, Proton, Netron jeung Elektron. Mun ditarok kaluar Meson jeung Baryon. Panasaran! Hayu urang purak deui. Prok! Dibobok borolo Hadron jeung Lepton. Can sugema. Bruk cana coét digerus ngajadi Quark.
Trungtreng! Trungtreng! Geter kacapi galuntreng!
Naon atuh ari quark téh? Teu pira saukur Geter. Teu jelas jinis-jirimna. Teu miboga rupa-aroma. Malah teu boga génder-génder acan. Ukurana lembut naker, kurang ti sa- femtométér. Umurna pondok nataku, kurang ti 1/100.000.000 detik. Quark cai, kai ugi kyai, sami. Quark bata, kaca uga manusa, sarua. Atuh lamun kitu, naon bédana, antara kaula jeung méja? Antara abdi jeung sapi? Antara uing jeung cacing?
Trungtreng! Trungtreng! Geter kacapi galuntreng!* Helmi Pakudjati-kisuta.com


