Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kalapa Bijil ti Cungap

Minggu, 17 Maret 2013

UKUR boga samping kebat jeung gelas satengah losin. Dipilih ditimbang-timbang. Nu mana nu bakal dirawu ku juru taksir di pakgadé. Samping kebat ukur pangaji dua puluh rébu. Gelas puguh deui ngan tujuh rébu. "Angger teu cumpon," gerentesna. Humandeuar. Aniprek ngalahun kabingung. Kolébat nu méré éta samping. Insinyur Budi, urut kabogoh baheula. Omat-omatan samping ulah dikamamanakeun. Pokna téh, najan cinta urang teu kebat, tapi samping kudu jadi pamageuh kanineung. Bréh deui nu méré gelas. Dokter Bambang. Ujug-ujug mahugi gelas basa manéhna rék ditugaskeun ka Irian. Pokna téh: "Yang, gelas ini kupersembahkan untukmu sebagai tanda cintaku. Aku pamit. Tunggu aku kembali buat kamu," pokna. Leketey Ceu Dédah leuleus. 

"Duhhh...aingah baringung," ceuk Ceu Dédah. Garo-garo teu ateul.
Kurunyung Nénéng Tédja Ningrum. Kuraweud. Baeud. "Mamah, kumaha atuh?" pokna.
"Enya érék ieu ogé Nénéng," témbal Ceu Dédah bari mungkus samping jeung gelas diasupkeun kana kérésék. Kencling ka pakgadé. Najan bari bingung. "Merek naon hapéna, Nyai?" Ki Denkur-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya