Sastra & Humor
Fikmin
Nu Teu Jadi Mulang
Senin, 18 Maret 2013
BARITO, Kuala Kapuas. Jukung meulah cai. Nyingraikeun sagala lalangsé haté. Sora kolotok mapaés isuk, ditémpas ku sora nu dagang tina pasar terapung. Panangan anjeun ngulinkeun cai, borélak sorot soca nalika pateuteup. Kuring malieus.
“Akang, kedah mulang!” Anjeun ukur tungkul. “Uih deui moal?” Halon, semu ngaharéwos. Teu wasa ngajawab, ukur nyérangkeun manuk nu ngincer lauk. “Umi tos naros waé, Akang serius teu?” Angger tungkul. “Uhid, urang madura tos badami sareng umi!” Aya keclak cimata tina juru panona.
Lima taun geus kaliwat. “Pa ai, ulun kawa ja nyelam ka dasar!” Budak umur 4 taun keur ngojay di walungan kapuas. Indung bapa-na sibuk ngaladangan tina parahu….* Apoedy Sarah Ihsan-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


