Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (3)

Senin, 18 Maret 2013

LUTUNG anteng ulin di Senayan. Anggota dHéwan raresepeun. Loba nu ngahaja diphoto bareng Si Utun. Antukna, Si Utun jadi primadona di gedong dHéwan. Kabéh mufakat rék ngangkat Si Utun jadi salah sahiji anggota dHéwan pang-anyarna. "Otak teu kudu pinter mun hayang ngantor di dieu mah," haréwos salah sahiji sohibna di fraksi. Ngadéngé kitu Si utun ngan ukur unggut-unggutan.

Loba rapat bakal loba duit, éta nu kapanggih ku lutung. Unggal anggota geus ngitung piduiteun tina rapat dina sabulan. Teu anéh mun maranéhna ceuyah ku harta banda. Uang binti duit beuki ngagunung. Ngaleuyah. Gedong heurin ku duit.

Komara dHéwan beuki morosot. Anggotana jaradi lutung. Susah ngabédakeunana. Awak jeung ahlakna harideung. Ruang-riung dinu poék. Unggal aya cahaya, sarieun. Ngabecir lalumpatan. Gugurawilan tina gedong kana gedong séjén di Jakarta.* Irman Dimyatie-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya