Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Angkot Kosong

Selasa, 19 Maret 2013

Pasosoré, hujan mimiti pras-pris. Beuki élékésékéng nungguan angkot nu can jol kénéh. Teu kungsi lila, angkot nu ditungguan ngurunyung. Gancang dieureunkeun, clak unggah. Di jero, panumpangna ukur saurang. Gék diuk milih jok tukangeun supir. Angkot karasa ngarayap, palebah jalan nu macét. Matak kesel. Panumpang nu ti tadi nyérangkeun bangun nu surti. “Kedah sabar, Néng. Tos biasa deui pan wayah kieu mah jalan téh macét.” Kuring unggeuk ngahaminan. Hujan beuki ngagebrét. Sapanjang jalan, panumpang teu nambahan deui. Panto angkot ku manéhna ditutupkeun, ningali kuring ngahodhod. Diukna jadi pindah ka gigireun. Beuki lila beuki mépéd. Leungeunna ngarampa tuur. Haté jadi teu puguh rasa, mimiti curiga kana ketakna. Kuring ngagésér ngajauhan. Kalah beuki ngahajakeun. Malah nyampaykeun leungeunna kana taktak. Diképéskeun kalah beuki angot rék nangkeup. Beungeutna méh antel kana pipi. Pakupis nahan leungeunna nu mimiti nyasaran awak. Supir teu maliré paménta kuring ngarah ngeureunkeun angkotna. Gogorowokan ménta tulung, angkot kalah beuki nyemprung...* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya