Siluét Tukangeun Layar
KALACAT, Si Tanteu unggah ka panggung dipirig ku dangdut koplo. Ger, nu séjénna sarurak patarik-tarik. “Kocok sing gancang, Zeus! Supados énggal kaluar!” nu maké tank top beureum ngagorowok. “Kalem. Mending kénéh lalaunan,” walon Si Tanteu bari ngipyak.
Imbitna muter. Sirahna unggut-unggutan. Taktakna dioyag-oyag. Botol leutik teu reureuh dikoclak-koclak. Nu di harandap, beuki marijah. Tinggaritek, tinggaréol. Sagelasna-sagelasna. “Kocok terus... sampai keluar!” tinggorowok. Lampu reup-bray gunta-ganti warna. Sirintil nu buukna konéng ka luhur panggung. Tuluy ngagibrig goyang vibrator. Beuki peuting. Musik dangdut beuki tarik. Bikang-bikang nu marijah beuki marotah. Sawaréh geus ngaléléké. Sawaréh muih-muih sirahna. Sawaréh ngacreug-ngacreug pinareupna. Cur-cor, soju pacampur jeung kesang. Téng jam dualas. Jep, musik eureun. Reup, lampu pareum. Bray, siluét tukangeun layar. Ditema nu tinggéréwék. Si Tanteu ngacungkeun leungeun. Saréréa nahan napas. Botol muih. Cleng, keretas ngacleng. Bray, dibuka. “Lussie...!” Nu tank top beureum ngajéréwét. Ajarag-ajaragan. Lumpat ka panggung. Musik ngageder deui. Ti tukangeun layar kaluar jajaka gandang.* Nana Sukmana-kisuta.com


