Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Neang Asih

Rabu, 20 Maret 2013

GEUS lila citresna ngabatu. Teuleum na sagara harepan. Soloyong parahu ka tengah. Mawa manéhna, Nyi Mojang Simpé. Panonna manco ka tengahing laut nu upluk-aplak. Ngawurkeun kembang kahéman. Cimata awor jeung girimisna cilaut. Biwir embut-embutan, sumambat lirih ku haté kuwung-kuwungan. Lalaunan laut motah. Angin nyaringkah. Matapoé ngadadak linduk. Pucunghul raga nu teu weléh kaimpi-impi. Buukna ririaban. Nambahan gandang, mingkin sembada. Asih nganteng dina cahaya sorot paningal. Najan simpé, gumuruh na dada nandingan galura ombak mangsa purnama. Teu soraan, ngan hariring asih ngantengkeun dua haté. Keur kitu, teu antaparah, gulang-gulang katelah Naga Héjo nyurungkuy. Meulit jeung metot Raga Impian ka jero laut. Gantina, bréh wanoja geulis nangtung hareupeun. "Teu kudu melang, da kami gé mikahéman. Anggursi geura téang asih kiwari. Bral, ku kami pangdeudeulkeun." Sang Déwi teuleum ka sagara. Nyi Mojang ngaheruk. Nu tuduh jalan ngajak imut. Geterna mimiti sumarambah.* Teti Taryani-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya