Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (5)

Rabu, 20 Maret 2013

LUHUREUN gedong-gedong jarangkung. Aya nu kokolébatan dina gerakan Kapinis Nyamberan Lalay. Luluncatan hampang naker. Ang Sin Coa (Oray Beureum Sakti) turun gunung rék nepungan Komisi Pemberantasan Korupsi. Komisi geus teu sanggup ngungkulan kalakuan para pejabat nu barejad. "Omat sing lantip ngagawéanana!" pesen Ketua komisi. Nu dibéré tugas ukur unggeuk.

Lain ogé pendékar wedalan Siauw Lim Pay mun teu sanggup ngajalankeun tugas. Unggal kaangseu aya pejabat korup, langsung ditéwak. Teu pilih bulu. "Ulah aya nu kaliwat, sikat habis!" kabaca sms ti salah saurang warga. Ngaran manéhna dipikagimir. Geus ratusan pejabat korup digiring ka penjara.

Ketua komisi bungah. "Anjeun suksés!" bari ngajak sasalaman. "Suksés kumaha? Aya kénéh koruptor nu can katéwak," ceuk Ang Sin Coa bari neuteup. Reup geuneuk ray pias pasemon ketua komisi. "Unggal nu ditéwak bébéja, geuning anjeun ulon-ulonna téh!" sentakna. Nu dibéré tugas muka kedokna, bréh Lutung Kasarung! Geunjleung sa-nagara yén ketua komisi digusur ka pangbérokan.* Irman Dimyatie-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya