Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ngungudag Dunya

Rabu, 20 Maret 2013

GUBRAG ngabeubeutkeun maneh kana kasur. Gap kana anggel terus dirungkupkeun kana beungeutna. Blug nangkuban. Teu loba tatanya da moal pibenereun. Sapatuna dibukaan, cai haneut satengah ember dipake nyepon awakna nu bau tujuh rupa. Geus beresih rap dibajuan. Manehna ukur mencrong kosong.
Tas, laptopna, dibereskeun ka tempatna. Geus teu aneh lamun balik ka imah saperti kitu, tandana keur kurang hade hokina. Rekeningna dibuka, saldo ukur aya sajuta saratus rebu. Saratus juta deui teuing ka mana, sigana tarohan bola jadi sababna.
Jeun teuing ah , moal rek geureuhan, da memang eta mah cadangan bulanan keur karesepna. Nu penting mah resiko dapur jeung sakola barudak teu ngurangan. Sagala rupa kacukupan. Rek meunang maok, meunang korupsi teu hayang nyaho.* Bening Selaksahati-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya