Peteng
RUMANGGIEUNG. Lumampah apay-apayan mapay alas sangar nu rembet ku areuy jeung kakayon. Akar pajurawet, canir bangban nyéréngkébeng tempat kakasangan sandékala. Dina luhur tangkal, manuk lugina nyayang bari écrét
disarada, ditéma pating gurawilna monyét, lutung, oa, jeung nu lianna palebah dahan nu ngarangkadak, jongjon sanajan didodoho méong congkok nu ngadangong nungguan bongoh nu diboro.
“Geus lawas henteu panggih jeung nu disebut manusa! Mileuweungan sosoranganan, ngawelah takdir, nanggap asmaramurka nu ngawujud jadi cacandran ngarampas sakabéh kahurmatan.” Ngaheruk bari nanangkeup makuta nu geus lukutan.
“Bagéa. Geura sawang ngamplangna Leuwi Sipatahunan anu kungsi diancokeun pikeun kuring lalayaran jeung nu jadi anak, Sangkuriang! Titis tulis ti ajali, andika nu bakal ngeusian. Baris carem, kalebuh kokoléaban, bongan andika geus wasa ngarogahala kasucian ....!” Hiji kalangkang nyoara, mucunghul tina canémbrangna cai talaga nu ngadadak ngagolak, ngaléléd sagalana .
Manéhna ukur bisa ngaheruk, cipanonna geus saat, korédas euweuh nu nyésa.* Zulaikha Sobana-kisuta.com


