Sastra & Humor
Fikmin
Katumbiri
Kamis, 21 Maret 2013
ANJEUN sirung nu renung na tetelar rasa, teuing ti mendi ronghéapna. Kapan lain wanci aya katumbiri nutug kana ati. Rindat jeung réngkak matak salah ngabadé. Kapan lain usum, sab layung geus hibar di langit . Aya ku kareueut, imut
jadi pangirut, sumélékét kana jajantung. Lir kawisaya ku teuteup munggaran nu tuluy kamalinaan. “Upami kawidian, Akang hoyong nyingraykeun lalangse kasimpe na soca kagungan.” Anjeun meni tatag ngaboleklakeun tatu na dada. Cenah hayang meupeuskeun hanaang na diri. Jeung naha deuih bet hayang serah bongkokan, seja muru katumbiri di langit sareupna, sok sanajan ngempurna ngan sakedét nétra, téréh diteleg sandékala.* Tiktik Rusyani-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


