Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Momen

Jumat, 22 Maret 2013

NGINTIP tina kaca jandéla. Méga bodas témbong ngampar, lir pramédani. Éndah pisan. Matak hayang ngagolér tepi ka reupna. Rét kahandap, lewang, teu kasawang. Paanggang réwuan mil ti dunya nu pagaliwota. Momen keur ngahenang-hening. Nyaliksik diri. Ngarampa rasa. 320 poé dina sataun. Pacabakan. Ngalanglang. Ngawang-ngawang. Tan aya kahariwang. Ngan pasrah sumerah. Ngéncagkeun momot pipikiran. Kari nungguan ragrag. Isuk jaganing géto. Duka teuing. Rék nepungan nu miheulaan ka sawarga. Keun, da gadis nu dua mah geus merenah. Geus cukup bekel keur ka hareupna. Tapi ajal téh teu waé datang. Saperti poé ieu. Mulus ngalandasan, cara sasari. Reuwas, geuning gadis nu dua ngabagéakeun. Tepung munggaran satutas mangtaun-taun. Cacap kasono ku tangkeup jeung kaséér. Laju ngajugjug ka hiji tempat. Batu nisan. Ngaran manéhna. Kakasih nu tiluan. Tempat nyaatkeun segruk. Panceg, poé ieu ngapung nu panungtungan. Sadrah, hirup téh lain palancongan, nu ukur singgah sakedapan. Tapi patali asih nu nyieun haté urang nganteng salawasna.* Budi Mugia Raspati-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya