Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Samar Kahayang

Jumat, 22 Maret 2013

HUDANG téh geus wayah Asar. Cikopi satengah gelas kénéh, urut tadi isuk. Geus tiis. Udud nyésa puntungna. Beuteung ujug-ujug ngerebek. Gado-gado ngelemeng. Nikmat jigana, komo mun rada lada mah, matak cénghar. Nginumna és kalapa. Tapi, ah! Sok méncrét mun ngadahar bumbu suuk téh. 
Gado-gado ngaleungit. Sangu padang némbongan. Rendang, sambel héjo, gulé otak, jeung endog balado. Dibanjurna ku és jeruk, moal teu pedo jigana. Can gé tuntas, ngadadak sop dengkil ngolébat. Sangu padang nyinglar deui. Seger jigana mun nge-sop, kajaba sanguna ngebul kénéh, komo kuahna ledok jeung sambel mah. Didorongna ku és téh manis. Tikoro ngerelek.
Ah kétang, wayah kieu mah moal aya. Paling gé soto, meujeuhna ogé, komo digalokeun jeung sangu. Duh ! Meni samar kahayang pisan da barina ogé.
Cengkat, leumpang, luak-lieuk, tuluy nyebrang. Reg eureun. "Kang, mi rebus sabungkus. Rasa soto nya ! Udud sabatang," bari ngasongkeun tilu lambar sarébuan. Da puguh ngan sakitu-kituna.* Is Tuning-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya