Lalakon Lutung Kasarung (7)
LENGKAH Si Utun tarapti, ngeteyep, kuda-kudana panceg. Awakna rancingeus, waspada tina bahaya. Lawanna, Musashi, ngabubat-babit samurai bari neuteup seukeut. Aréna tarung ngadadak simpé. Kabéh nahan napas. "Omat, ulah sok
nganggap énténg lawan mun keur tarung!" manéhna inget piwejang guruna, Aki Musani. Nu lalajo euweuh nu wani ngiceup, sieun katinggaleun adegan.
Lep, Si Utun ngagiwarkeun sirahna ka handap dina gerakan Kuya Ngelok. Untung kénéh. Tungtung samurai ngan bisa nyabet bulu sirahna. "Ulah bari ngalamun!" aya sora nu nyulusup kana ceulina. Ngadéngé kitu, Si Utun sadar deui kana dirina. Gancang manéhna muka Jurus Nyintreuk Langit Ngajembél Bumi.
Kerewek samurai lawan beunang ku leungeun kénca. Awakna ngagilek saeutik ka hareup bari dituturkeun ku leungeun katuhu nonjok angen lawan. Sebrut, jeduk! "Aduh...!" lawanna ngajerit. Rampéol, gubrag. Utah getih lalambaran. Nu lalajo surak. Gumuruh nepi ka langit katujuh.* Irman Dimyatie-kisuta.com


