Sastra & Humor
Fikmin
Inghak Tengah Peuting
Jumat, 22 Maret 2013
UKUR sora inghak kapengkek, nu kapireng hawar-hawar. Dina meredongna peuting. Dina séahna angin nu marengan paralakna cihujan. Kitu jeung kitu unggal peuting. Kalan-kalan sora ngabangingik meupeuskeun simpè.
Lain, lain teu hayang ngejat. Lain teu hayang ingkah. Dalah dikumaha. Suku pageuh, dibarogod norma. Leungeun dibakutet supata kolot. "Heug, rék dituturkeun tepi ka mana. Asal awak teu dibalur geugeuleuh!" Pokna hiji waktu. Basa raga rék dirogahala. Kalangkang ngarengkog. Laju hiber eunteup dina suhunan. Nyaliara ngarungkup wangunan. Ti harita. Nya ti harita pisan unggal peuting aya inghak nu kapengkek hawar-hawar..* Dewi Ratna Damayanti-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


