Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kuring Dimana?

Sabtu, 23 Maret 2013

KEKETROK. Laju uluk salam. Taya nu némbalan. Nepi ka tilu kali. Panasaran. Rekét panto dibuka, geuning teu dikonci. Sup. Suwung jeung simpé nu karasa. Teu biasana. Luak-lieuk. Lol ka kamar si cikal, keur gogoléran. Teu maliré. Léos ka ruang tengah, si bungsu keur lalajo tv. Teu maliré. Gék, dina korsi nu sasari. Lar pamajikan. Teu maliré. Naha kabéh haré-haré? Aya naon? Hémeng. Jol ras ka orok tatangga nu ngadak-ngadak ngéar basa bieu kuring ngalalar. Naha kuring balik leumpang? Ari motor kamana? Huleng. Bruh-bréh. Gebeg! Enya, sidik motor mah ringsek. Apan raga kuring mah geus patulayah. Bieu. Cikénéh. Can lila. Lebah erél karéta api.* Budi Mugia Raspati-kisuta.com 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya