Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kamar 201

Sabtu, 23 Maret 2013

MANÉHNA ngadeukeutkeun beungeut kana spion. Ngalétak biwirna nu mucuk kastuba. Jajangkung kénca nyingkabkeun buuk luhureun ceuli. Bréh, hiji tanda dina beuheungna. Lalaunan diusap ku tungtung ramona. Lebah dieu pisan aya rasa nu kungsi nyangsaya. “Teu kenging elat, nya! Tabuh dalapan pas!” ceuk SMS. Bes, Smith Wesson 10 dibebeskeun kana cangkéngna. Congona nyecep kana tungtung haténa. “Inget, 810! Ulah gagal!” Nongtoréng pisan, tandes naker. Gedig, indit mawa haté nu nogéncang. Lebah kamar 201 manéhna ngarandeg. Jajantungna mimiti ratug. Méméh keketrok, panto geus miheulaan muka. Hiji tangtungan sembada geus ngajanteng bari mawurkeun imut. Manéhna ngalieus meueusan. Tuluy rut-rét ka sakuriling bungking. “Wilujeng wengi, Geulis.” Sorana halimpu. Bruh-bréh deui dina layar. Gambar duaan keur lalayaran. Haténa kokoléaban. Teu wasa nolak basa aya ramo-ramo pageuh dina pigeulangna metot lalauanan ka jero kamar. Nalika renghap paudag-udag, jajantungna beuki ratug. Panonna beueus, peureum tipepereket. Hiji pélor nyayang dina bitis, dua pélor séjénna norobos kana lalangit.* Nana Sukmana-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya