Lawang
"NU bageur téh jerona mah langkung hieum, Akang," pokna bari landa-léndé. Enya, nu bageur nu saban usik jogol jeung anasir jahat jero haténa, pikir kuring. "Engké bitu geura!" Pokna deui bari meulitkeun leungeunna kana cangkéng.
"Pasihan lawang sakediiik wé kanggo si bangor. Tong diheungheum waé, bilih ngagelekgek, ké jiga kawah nu ujug-ujug ngabeledug," cenah guminter, bari semu ogo. "Akaaang... Teu kenging kikituan, matak salting ah!" unggal kuring nyebut manéhna "darling". Cenah ku kuring mah disebut kitu téh asa lain iseng, teu cara ku si Ican atawa si Ogi. Naon ieu, duka teuing. Tapi pikeun kuring jeung manéhna, naon nu dipilampah lain hiji kasalahan. Rasa suka mah lain bala. Cinta mah lain dosa. Saukur kaboga jeung kabagja nu duaan, peun! Sing saha waé ogé dipahing pipilueun. Ngan manéhna teu sadar, yén ayeuna geus cicing dina jero lawang nu ku kuring keur dipéléngékeun.* Budi Mugia Raspati-kisuta.com


