Sastra & Humor
Fikmin
Tukang Giribig
Minggu, 24 Maret 2013
AWAKNA rengkung. Leumpangna rumanggieung. Unggal poé mapay-mapay lembur. “Giribig, giribiiiiiig,” sorana teu pati tarik di antara hégak rénghapna. Reg eureun handapeun dapuran awi. Cag panggulanana diécagkeun.
Gék diuk bari gegeber. Késang ngucur tina sela-sela kopéah belélna. “Nuhun gusti, masih kénéh aya tangkal awi,” pokna dareuda. Panonna nu celong, neuteup seukeut ka lebah villa-villa agréng jeung buldoser nu adigung nyakaran pasawahan.* Ruhak Pajajaran-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


