Purnama
LUHUR suhunan. Teuteup purnama ngajarumat karancang bilik. Pataréma jeung kalices cempleu. Cahayana ngulambuan dua raga nu lawas ngaheneng. Hareupeun rampadan sasajén. Parukuyan. Lamak ngalampat harupat. Sirara.
Lambaran buuk. Jarum. Sasemplék eunteung. Katut menyan nu nyaliarakeun haseup karémpan. “Teu kudu melang, Ema sia. Kami geus sadrah masrahkeun ieu raga ka amarah maranéhna. Alukan henjung geura mangkat...” Sorana nyidem kapeurih. Laju malangkeun bedog dina cangkéng. Tapi pamajikanna angger gugusut. Aya nu lana juuh tina lalamur panon. Di peuntas totoang. Sora-sora tingcorowok nyisit langit. “Henjung geura mangkat. Kanyaah kami aya dina haté manéh jeung barudak...” Hégakna haroshos. Lalaunan. Pamajikanna nangtung kadua gémbolan. Kebat jeung hiurna angin. Di luar. Mangpirang léngkah ngadeukeutan. “Werejit takdir kami! Pati hurip kami! Hayoh, geura daratang sakabéhna!” Ambekanna ngerepan. Sakilat mesat bedog. Dina ronggos. Mangpirang ringkang sasalingkeran. Ningker buruan. Ngabebela saoborna-saoborna. Tinggurilap sabedogna-saaritna. Cempleu kakalicesan. Purnama tinggal geterna. Peuting ngagugudag di juru lembur.* Ari Andriansyah-kisuta.com


