Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Obat DiÉt

Senin, 25 Maret 2013

Capék-rahém. Meungpeung ceuyah. Salaki nanjung dumuk di nu baseuh. Saban léngkah teu jauh tina gayemeun. Ngajaul. Teu nolih. Seubeuh sorangan. Imas beuteungna nambru. Geus mimiti loba nu karasa. Luar jero. Salakina sok rajeun kerung. Imas sadar, geuwat néangan tarékah sangkan lengik deui. Ubar-abér. Sakur obat-obatan nu marahal dibeuli. Seunggah neureuyna. Taya hasilna, kalah mingkin rewog. Ngabugigag. Baju nu marahal sereg. Numpuk minuhan lomari. “Pa, kumaha atuh nya?” pokna. “Tenang Mah, ké urang nyiar landong nu langkung mujarab! “ témbal salakina, ngayakinkeun. Imas atoheun pisan. Ganti bulan. Imas dumadakan kuru. Gawéna ngingsreuk. Sangeus salakina teu jauh tina sisir.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya