Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor

Pananyaan

Senin, 25 Maret 2013

"MAMA, sim kuring téh gaduh pamaksadan seja tumaros..." ceuk mang Alim, ngomongna bari rengkuh, tandaning ajrih.
"Enya, sok tong asa-asa, aya tanyakeuneun naon?"
"Éta sun..., dupi tataros ka jalmi pinter téh kumaha hukumna..?"
"Iss.... ulah, haram éta téh hukumna, malah kaasup musyrik..!" ceuk Mama Kyai bari semu bendu.
"Ohh... sumuhun, kahartos atuh ari kitu mah."
"Enya, alus. Terus naon deuih anu rék ditanyakeun téh?"
"Ahh teu aya Mama, mung sakitu."
"Cenah tadi aya dua hal anu rék ditanyakeun téh?"
"Muhun Mama, tapi pan saur Mama nembé haram upami tataros ka anu pinter téh."
"........??" Mama Kyai ngahuleng bari semu geumpeur.* Lalat Socrates-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya