Hayang Nyandung
UMUR geus tunggang gunung, tapak kahirupan natrat, boga anak dua, sajodo. Pamajikan sok sanajan sarua geus umuran katingalina ku kuring bet kalah asa beuki geulis; duka pédah titingalian kuring anu geus rabun.
Geus saminggu, sok kadatangan ku si cikal, anak lalaki hiji-hijina. Jauh-jauh ti kota nepungan kolot, cenah hayang ngobrol ngeunaan bag-bagan agama. Atuh kolot mana anu teu ngarasa reueus? Geus dua peuting obrolan téh brasna kana urusan nyandung waé, puguh matak hémeng. Keun ari ngan saukur bahan gunem catur, da ieu mah ku jadi matak jangar sirah. Éta cenah hayang nyampurnakeun pasunatan ku cara nyandung. Kituna téh ku keukeuh. Enya dina kituna mah wajar, haji geus leuwih ti sakali. Komo deui ibadah wajib jeung pasunatan mah, kuring gé sok ngarasa tétér. Malah boga yayasan Yatim Piatu sagala rupa.
Akhirna kuring pok ngomong, “Ujang, kumaha arék bisa nyandung? Kapan kawin ogé ujang téh acan, ujang téh acan boga pamajikan!”* Lalat Socrates-kisuta.com


