Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sono

Senin, 25 Maret 2013

GULINGGASAHAN. Pangsaréan acak-acakan. Sepré ngahunyud ‘na tunjangeun. Bantal pabalatak, sawaréh ragrag. Guguling kabulen simbut. Peuting maju ka mumunggang. Kasono beuki napel pageuh ‘na kongkolak mata. Ngahalangan pitunduheun. “Beu, naha kudu kumaha mapalérkeunana, piraku kudu nyileuk unggal peuting?” Gap kana hapé. Haté galécok sabil. SMS entong, SMS entong. Kalah nambah bingung. Lung, hapé dialungkeun. Ngahuleng sakedapan. Koréjat hudang, turun tina pangsaréan. Muka panto kamar. Asa-asa rék ka luar kamar téh. Mereketkeun manéh. Keketeyepan muru tengah imah. “Kang…kulemna ngalih ka kamar!”* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya