Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (10)

Selasa, 26 Maret 2013

LAWANG Simalatangkep paburantak dipaké galungan Jabang Tutuka ngalawan Naga Percona nu sakti mandraguna. Angin gumuruh marengan nu tarung patutunggalan. Leungit sirah Jabang Tutuka, dicetrok sakadang naga. Arjuna kapiuhan, para déwa patinggaroak. Kawah Chandradimuka ngagolak. Orok Jabang Tutuka digodog. Naga Percona susumbar, lujag-léjég néangan lawan.

Langit burahay, hawa nyongkab. Unggal déwa ngalungkeun sagala rupa pakarang kana kawah. Tilu poé tilu peuting para déwa meres sagala kasaktianana. Usahana mimiti témbong. Nu digodog ragana sampurna deui. Gancang dijait, digolérkeun hareupeun Batara Guru.

Kabéh bingung. "Astaghfirullah al-adzim..!" ceuk Batara Guru bari ngusapan raga nu karék dijait tina kawah. Semar ngahuleng. Arjuna gogodeg. Raga anyar téh mangrupa monyét hideung , buntutna panjang. "Urang ngaranan Lutung Kasarung wé ari kieu mah," saur Batara Guru. Nu aya di dinya kabéh sapuk. Gatotkaca nu geus siap tampil, langsung pundung..* Irman Dimyatie-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya