Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Papang

Rabu, 27 Maret 2013

NGAGAYOT pisan rarasaan téh. Ditatahan gé bet sa cor-coreun.Luak lieuk sugan aya tetenger. Teu manggih. Enya, da sajajalan gé asa teu kungsi manggih. Ngahaja méngkol, jalan mudun.Nu daragang reuteum.Reg eureun di salah sahiji lapak, meuli cikopi. Song salembar dua rébu nu geus rada kumel.
"Mang, hoyong kahampangan, di mana nya?" Cekéng bari nampanan gelas.
"Palih dinya kang!" Bari nunjuk kana ruyuk.
"Moal nanaon?" Rada watir, duméh diwewengkon batur. Jaba di komplek astana.
"Moal, sadaya gé kadarinya da," ceuk tukang kopi bari ngaladangan nu séjén. Cikopi diuyup. Gegedoh wé wungkul.
Gelasna wé badag, ari caina saeutik, ngadon marelag na tikoro.Muru ka ruyuk nu bieu dituduhkeun, milih nu rada buni.
Serr.. peureum beunta nepi ka tuntas. Ngagolontor. Hiji kanikmatan nu sakapeung sok dipopohokeun. Buru-buru
kaluar tina ruyuk. Luak lieuk bisi panggih jeung batur. Barang rét ka kénca, bréh téh pacilingan, keur nagog
bari ngajebian.* Is Tuning-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya