Présidén Kabayan
Présidén Kabayan keur serieus biantara hareupeun parlemén nagarana.
“Maweuhna perjudian kacida matak hariwang, sagala rupa dijieun bahan taruhan. Aya nu saré di kuburan, nu masang sasajén handapeun tangkal nu geueuman, nepika ngagugu omongan jalma owah ditanggap jeung diparasangan.
Hal ieu pasalia jeung dadasar kahirupan urang anu raket pisan jeung unsur kaagamaan.”
“Interupsi! Ulah hilap, tiasa jenengna salira janten présidén taya sanés alpukahna tukang judi nu ngayakeun serangan fajar dina dintenan pemilihan. Janten ageung pisan jasana dina perkawis éta mah!” ceuk wawakil partéy Raja Judi.
“Heueuh ku kituna mah, tapi ceuk pangrasa asa geus kaleuleuwihi pisan, maenya nu ngajuru atawa jalma sakarat ditarungguan sakadar keur masang taruhan. Kaya kieu mah déwék kudu turun ka lapangan!”
Diiring para pangawalna, Présidén ngajugjug ka alun-alun, dipapag masarakat nu euyah-euyahan. Sagala rupa nu dipaké ku présidén dijieun bahan taruhan. Bati hookeun, ahirna présidén kapiuhan.
“Tuh...nya, pingsaaaan...bayar....bayar.....horeeee!” sarurak mani éar, duit pasulibrengan nutupan paningal nu kalimpudan kekebul saar.* Zulaikha Sobana-kisuta.com


