Sastra & Humor
Sajak
Lagu Kahayang
Rabu, 27 Maret 2013
Mun kongang bet hayang jiga parahu nu itu
nu balayar muru gurat horizontal
nu nepungkeun langit jeung laut,
biru saendeng-endeng
Mun wasa bet hayang meuntas sagara
meuntasan gurat-gurat jaman
nu nepungkeun bihari, kiwari, jeung baringsupagi,
tingtrim saendeng-endeng
Karangantu, Juli 1995
Rosyid E. Abby-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


