Gaganti
“KI Lurah, aduhhh lebar teuing éta domba téh maké dipeuncit sagala, teu aya anu sanésna?”
“Nyéta jang Odih, mikir ka lebah dinya mah puguh gé lebar, tadina mah geus diajamkeun tur diniatan keur kurban Lebaran Haji taun ieu...”
“Ohhh... naha atuh?”
“Nyéta, pan syukuran kapilih jadi Lurah gé penting kacida, piraku ari kudu meuncit domba begung mah, éra temen?”
“Ohh.... hanjakal..., teras kumaha atuh kanggé kurban taun ieu?”
“Ahh taun hareup ogé pan aya kénéh Lebaran Haji mah. Geus lah jang ulah loba catur, sok geura peuncit. Bisi kaburu beurang mantén”
“Muhun atuh, mangga”
Sanggeus sagala disiapkeun, utadz Odih ngadu’a.
“Bismillah.........” Kek... gérésél, bedog anu sakitu seukeutna téh nurih beuheung domba, gudawang.
“Ééééhhh... naha euweuh getihan....?” Gereges haté ustadz Odih.
“Ki Luraaahhh....!!!??” Mang Sapri, badégana Ki Lurah ngagorowok bari terus ngageubig-geubig Ki Lurah anu ngagolér bari sesegrok. Beuheungna gudawang, getih nyebrot tina beuheungna nu gudawang. Nyerep na taneuh garing.* Lalat Socrates-kisuta.com


